Ridwan P

06 Februari 2022 01:41

Iklan

Ridwan P

06 Februari 2022 01:41

Pertanyaan

Dihin Pinasti Anyar Pinanggih Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema  jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas  tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata  jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat,  ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina éndah  jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk.  Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung  watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh  parantos mintonkeun kakawasaanana.  Nu saralamet tina gulungan lambak gangas,  tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam  leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini  rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku  beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu  jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon.  Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana,  sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé.  Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan,  teu kaciri urut-urutna acan. Loba nu bedah cimata,  tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari  saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh  ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi  nunggul pinang. Niténan korban tsunami harita nu kacida rohakana,  jadi ngangres kabina-bina. Héabna mungguh kebat ka  mana-mana. Tina galona watir jeung ketir, bet ngagédéng  rasa kaahéng. Kahémeng téh duméh ngabandungan  nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu  maot ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina.  Mungguh mun ngudag kana logika mah asa pamohalan.  Malah éta pulo téh payus mun kudu pangheulana  carem kasirna lambak. Nurutkeun akal séhat –utamana  mun nelek-nelek kana peta- éta pulo téh apan sasatna  paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur  lini. Anggangna ti puseur lini ka éta pulo (Simeulue) téh  nurutkeun Dr. Yusuf Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi  Inventarisasi Sumber Daya Alam (TISDA) BPPT, kira-kira  60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh anu anggangna  kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu ogé Gusti téh  kagunganeun maksud anu tangtu. Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar  pinanggih, cék ujaring carita lobana nu saralamet téh  satemenna tumali jeung kapercayaan masarakat kana  mitos. Mitos téh sumebarna tatalépa sacara turun tumurun. Wallahu alam kumaha éta mitos téh dikemasna,  naha ngaliwatan carita (dongéng), pakeman basa, totondén  jsté. Ngan seuhseuhanan eusina mangrupa pépéling nu  kacida dipuhit ku masarakatna. Cék sakaol, napakna  ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina  abad 19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an  mah patali jeung bituna gunung Rakata (Krakatau) dina  tanggal 27 Agustus 1883.  Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut téh kawas nu  kaserot. Basisirna ogé nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk  nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan lauk  nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak ngadak pasang. Ujug ujug léb baé kagulung ku  lambak -harita mah can  aya istilah tsunami- anu  pohara ngagulidagna méh  24 meter luhurna. Jelema nu  ngaralaan lauk téh kabéh  carem kaléléd lambak.  Lambak nu rosa kebat  hanjat ka darat, neumbrag  jeung ngababukan naon  baé nu ngahalangan.  Sabada surud, naon-naon  anu kasorang ku cai tuluy  kabawa palid ka tengah laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir  beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut.  Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra  (Samudra Hindia) kaasup pulo Simeulue ogé kalémbak.  Pirang-pirang pangeusina musna kabawa cai. Nya ku  karuhun éta pulo, utamana ku nu salamet, éta kajadian téh  dijadikeun catetan minangka pépéling keur sékésélérna.  Éta pépéling téh salahsahijina ditépakeun ngaliwatan  kila-kila. Kila-kilana di mana dunya ngariyeg, basisir  ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung  atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg  (tanggal 26 Désémber 2004) urang Simeulue mah cenah,  cul naon-cul naon berebet baé marubus ka pagunungan.  Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu  ogé ari lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early  warning system salaku antisipasi gempa & tsunami nu  kakara rék dibaladah ku pamarentah, méh tinggaleun  ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah  early warning system enas-enasna mah pan nyampak  dina mitos téa.   Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang  Simeulue loba nu saralamet téh ogé diSundang ku muhitna  kana kapercayaan patali jeung rupa-rupa pantrangan.  Upamana, urang Simeulue teu weléh mupusti alam  sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku  saniskara pantrangan téa. Warga umumna tuhu kana  papatah jeung kacida sieunna kana éta pantrangan.  Lantaran lamun éta pantrangan dirempak balukarna baris  nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana.  Tuhuna kana pantrangan téa, tumerapna leuweung leuweung jadi angger weuteuh jeung sanget lantaran  taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah  ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang  rohakana lambak tsunami téa. Apanan ajén-inajén budaya karuhun bangsa  Indonesia baheula, kacida mupusti alam sabudeureunana.  Lantaran anggapanana yén unggal barang, lian ti mahluk  hirup, ogé ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu anéh mun  baheula mah lamun rék nuar kai gedé téh paribasana  henteu wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun  aya mamala. Kai téh kakara dituaran lamun saméméhna  dilaksanakeun heula ritual. Nurutkeun anggapanana yén  kai téh seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan  jiwa (roh). Ku kituna, éta kapercayaan téh méh nanceb dina  batin-batin urang Simeulue. Éta mitos minangka sawangan  hirupna (weltanschauung) pikeun numuwuhkeun kasadar  jeung kasieun masarakatna sangkan tetep mulasara  harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna.  Munasabah kaahéngan nu tumiba ka pangeusi pulo  Simeulue téh teu leupas tina kahanan rupa-rupa mitos nu  dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi mah mitos  téh ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana  pikeun ngadalikeun masarakatna (social control), alat  pendidikan (pedagogical device), jeung alat “pemaksa” sarta “pengawas” sangkan norma-norma salawasna digugu tur diturut  ku anggota masarakatna. Cindekna, lamun mitos dipiara ganjaranana  bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli balukarna bakal nandangan  mamala.   Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana  pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah  naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh  aya dina haté-haté nu jalembar. Banda sasampiran nyawa gagaduhan.  Wallahu alam.  Dede Kosasih Mangle No. 2009 Pancén 5 Ayeuna pék ku hidep diskusikeun pertanyaan di handap ieu: 1. Naon téma artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih”? 2. Aya sabaraha paragraf artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih”?  Téangan gagasan utama dina unggal paragrafna! 3. Paragraf anu mana nu nuduhkeun bagian bubukana? 4. Paragraf anu mana nu nuduhkeun bagian panutupna? 5 Kumaha kacindekan pedaranana?

Ikuti Tryout SNBT & Menangkan E-Wallet 100rb

Habis dalam

00

:

20

:

36

:

06

Klaim

2

0


Empty Comment

Belum ada jawaban 🤔

Ayo, jadi yang pertama menjawab pertanyaan ini!

Mau jawaban yang cepat dan pasti benar?

Tanya ke AiRIS

Yuk, cobain chat dan belajar bareng AiRIS, teman pintarmu!

Chat AiRIS

LATIHAN SOAL GRATIS!

Drill Soal

Latihan soal sesuai topik yang kamu mau untuk persiapan ujian

Cobain Drill Soal

Temukan jawabannya dari Master Teacher
di sesi Live Teaching, GRATIS!

Pertanyaan serupa

kanggo paring pitutur yaiku gunane tembang

19

5.0

Jawaban terverifikasi

wenehana tuladhane payandra sawijining ksatriya

6

3.7

Lihat jawaban (1)

Iklan