Lee S

13 Desember 2021 16:20

Iklan

Iklan

Lee S

13 Desember 2021 16:20

Pertanyaan

Contoh biantara bahasa sunda pendek atau singkat ...


1

1

Jawaban terverifikasi

Iklan

Iklan

S. Sumiati

Mahasiswa/Alumni Universitas Pendidikan Indonesia

03 Januari 2022 15:42

Jawaban terverifikasi

Hai Lee S! Kakak bantu jawab ya :) Assalamu’alaikum Wr. Wb. Alhamdulillah .. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung riung mung pulung dina ieu tempat. Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiin tabiatna sareng mugi-mugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. Hadirin anu kusimkuring dipikahormat. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simkuring bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian. Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang. Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup. Janten urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol. Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang. Apan aya paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal katedunan ku urang sadayana. Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan. Mung sakitu wae anu tiasa ku simkuring dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT. Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh. Semoga membantu, jangan ragu untuk bertanya lagi di Ruangguru :)


Iklan

Iklan

lock

Yah, akses pembahasan gratismu habis

Mau pemahaman lebih dalam untuk soal ini?

Tanya ke Forum

Biar Robosquad lain yang jawab soal kamu

Tanya ke Forum

LATIHAN SOAL GRATIS!

Drill Soal

Latihan soal sesuai topik yang kamu mau untuk persiapan ujian

Cobain Drill Soal

Perdalam pemahamanmu bersama Master Teacher
di sesi Live Teaching, GRATIS!

Pertanyaan serupa

kanggo paring pitutur yaiku gunane tembang

131

0.0

Jawaban terverifikasi