buatlah gaya bahasa tentang ( ngumpamakeun, mijalma, ngasor, rautan, rarahulan, jeung kadalon )
*Bahasa Sunda*
37
1
Jawaban terverifikasi
RI
R. Ismaya
Mahasiswa/Alumni STKIP Muhammadiyah Kuningan
24 Mei 2022 17:02
Jawaban terverifikasi
Jawaban
1. Gaya basa ngumpamakeun: Asa ditonjok congcot.
2. Gaya basa mijalma: Rebab ceurik ngabangingik.
3. Gaya basa ngasor: Iraha badé kersa linggih ka saung butut?
4. Gaya basa rautan: Permios heula badé ka pengker (pengker = WC).
5. Gaya basa rarahulan: Sawahna satungtung deuleu.
6. Gaya basa kadalon: Anakna kembar sapasang.
Gaya basa nurutkeun buku Ulikan Semantik Sunda nya éta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna.
1. Gaya basa ngumpamakeun (simile) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén anu sipatna nembrak.
2. Gaya basa mijalma (personifikasi) nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang-barang anu nyawaan saperti jalma.
3. Gaya basa ngasor (litotes) nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor.
4. Gaya basa rautan (eufimismeu) nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.
5. Gaya basa rarahulan (hiperbola) nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun nu séjén, yén sakur nu diomongkeun téh enya-enya benerna, nepi ka bakating ku hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi, antukna jadi teu saluyu jeung kanyataan.
6. Gaya basa kadalon (pleonasmeu) nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud atawa pikiran leuwih ti mistina.
Jadi jawabanana geus dipedar di luhur.
· 0.0 (0)
Belum menemukan jawaban?
Tanya soalmu ke Forum atau langsung diskusikan dengan tutor roboguru plus, yuk