Anonim A

26 Januari 2022 11:43

Iklan

Anonim A

26 Januari 2022 11:43

Pertanyaan

Biantara Narima Tatangga Anyar Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh, Puji kalih sukur ka khadirat Alloh Swt. Anu parantos ngadarkeun urang tiasa ngaluuhan pangangkirna Bapa Natadireja Sakulawargi, dina raraga wawanohan atanapi silaturahmi sareng tatangga anyar. Sholawat miwah salam mugia salamina ngagelenggeng ka panutan alam sadaya nya éta Kangjeng Nabi Muhammad saw. Kitu deui ka parakarabat sareng sahabatna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna. Amin. Hatur nuhun ka Bapa Natadireja, anu parantos masihan waktos ka simkuring kanggo sumanggem dina ieu riungan. Rupina sim kuring téh minangka wawakil ti sakumna warga RT 03, margi kaleresan waé tos badé dua taun sim kuring dipercanten nyepeng kalungguhan ketua RT. Bapa Natadireja sakalih, Bingah pisan warga RT 03 ku ngalihna Bapa sakalih ka dieu téh. Komo deui nembé tos kakuping pisan kumaha kereteg manah Bapa. saparantosna janten urang dieu. Katingal sareng kasaksen pisan, kumaha Bapa ngestokeunana kana perkawis silaturahmi, anu kaleresan dina ieu riungan téh badé dianggo pikeun wawanohan, antawis nu nembé sumping sareng anu tos ti payun janten warga di dieu. Ku diayakeunana ieu riungan ogé, naha ku naon atuh, ari sanés pikeun ngabuktoskeun. kereteg manah anjeunna mah, nya éta ngantengkeun tali silaturahmi. Katampi pisan éta pamaksadan Bapa téh Pamugi ku Pa Natadireja kauninga, sadayana anu ngariung di dieu téh warga RT 03. Mung hanjakal aya nu kaleresan teu tiasa sumping, margi nuju arangkat ka luar kota. Nya panginten anu ayeuna araya di dieu téh ogé pibatureun Bapa Natadireja sakalih, anu tadi disebat-sebat batur paheuyeuk-heuyeuk leungeun téa. Sim kuring yakin, Bapa katut Ibu, kitu deui putra anu dua, kasumpinganana ditampi pisan. Ku margi nembé diuningakeun yén ieu téh acara wawanohan, atuh sim kuring ogé badé ngawanohkeun manéh, badé nikukur wasta sim kuring pun Permana. Sim kuring pituin urang Ciwidey. Dupi pun bojo mah, anu ayeuna katelah Ibu RT, anu itu tuh, wastana pun Kania. Sim kuring tos opat taun ngalih ka dieu téh, nya éta ti saparantosna pangsiun tina dines katentaraan Namung sanaos kasebatna pangsiunan, angger we ayeuna téh masih kénéh kencar kencir milarian kanggo nambih nambih waragad sadidinten Janten, hapunten langkung ti payun, bilih wae Pa Nata aya kaperyogian ka Ketua RT, ari pék sim kuringna nuju teu nyampak, margi ari sadidinten mah sim kuring ayeuna téh didamel deui di pausahaan swasta, sanés janten dirékturna, mung ukur anu dikuah kieuh ieu mah Mengkaryakan diri panginten pibasaeunana téh, duméh kajurung ku pangabutuh sadidinten. Moal sadaya anu hadir diwanohkeun ku sim kuring, da bilih bosen. Anu bade disebatan téh anu kalebet staf RT wungkul. Geura ieuh, wakil sim kuring itu tuh, anu diraksukan batik, namina Pa Sugondo. Anjeunna teh pituin ti Solo, namung tos lami bubuara di Priangan; janten basa Sundana ogé tos lancar pisan. Kitu sanés, Pa Sugondo? Lajeng anu janten sekretaris RT mah anu itu, anu calikna di juru, namina Pa Darmawan Anom keneh pisan, malih teu acan lami nikahna ogé. Nembé sataun nya, Pa Darmawan? Ngahaja anu dipilih kanggo kalungguhan sekretaris mah anu anom kénéh, supados jagjag dina kedah ancag-incigna, tur masih kénéh hampang-himping Dupi anu janten bendahara mah Pa Durahman. Hanjakal teu tiasa sumping, margi nuju dines ka luar kota. Lajeng itu, Pa Lukman anu kenging kapercanterian salaku seksi kaamanan. Tah upami Pa Nata kéngéng pancén ngaronda, diaturna téh ku Pa Lukman. Seksi lingkungan hidup dice pengna ku Pa Haji Maksum. Anu itu tuh jalmina; anom kéneh tapi tos janten haji. Urusan kerja bakti, ti ngawitan meresihan solokan dugi ka pakarangan bumi masing-masing, bakal diluluguanana téh ku Pa Haji Maksum Ah, sakitu heula we nu diwanohkeun ku sim kuring. Mangga wać anu sanés mah sina ngawanohkeun anjeun. Mangga wae sing laluasa, sareng teu kedah formal-formalan.. Bapa Natadireja sakalih, Alhamdulillah, urusan ka-RT-an di dieu tiasa lancar. Ieu téh taya sanés jalaran kengeng pangrajong ti sakumna warga, sanés hasil gawe sim kuring sosoranganan Kagiatan kerja bakti, ngaronda, PKK sareng Posyandu, Karang Taruna, karohanian sareng kaagamaan, kitu deui kagiatan sosial sanésna, alhamdulillah parantos tiasa dilaksanakeun, sanaos tangtosna ogé tebih kenéh pami disebat tos sampurna mah. Nya atuh mangga waé urang tingkatkeun sasarengan. Sim kuring yakin, ku kasumpingan Pa Nata sakalih ka dieu téh bakal tambih ngareugreugan ka sadayana. Pamungkas, sim kuring neda sih hapunten, bilih waé panampian ti warga di dieu, hususna ti sim kuring anu janten pupuhu di lembaga ka RT-an dianggap kirang nyugemakeun. Wassalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh. (Dicutat tina buku Biantara Basa Sunda; Tatang Sumarsono, 2000; Bandung: Geger Sunten) 1. naon anu jadi jejer tina biantara di luhur teh? 2. rasa naon nu nyampak dina batin anu biantara harita? , 3. Naon bae eusi biantara di luhur teh?, 4.tuliskeun bagian bubuka tina biantara di luhur ?, 5. sebutkeun bagian panutupna!, 6. Cing naon bae sistematika biantara teh?

Ikuti Tryout SNBT & Menangkan E-Wallet 100rb

Habis dalam

01

:

15

:

30

:

26

Klaim

61

1


Iklan

Keysha A

26 Januari 2022 11:43

tolong bantu yu saya ga ngerti sama sekali


Iklan

Mau jawaban yang terverifikasi?

Tanya ke AiRIS

Yuk, cobain chat dan belajar bareng AiRIS, teman pintarmu!

Chat AiRIS

LATIHAN SOAL GRATIS!

Drill Soal

Latihan soal sesuai topik yang kamu mau untuk persiapan ujian

Cobain Drill Soal

Perdalam pemahamanmu bersama Master Teacher
di sesi Live Teaching, GRATIS!

Pertanyaan serupa

pak Adi menyimpan modal di koperasi dengan bunga 10% setahun setelah 1 tahun pak Adi menerima bunga sebesar Rp 25.000.00 berapa besar uang yang di simpan pak Adi di koperasi tersebut?

7

1.0

Lihat jawaban (1)

Bener luput ala becik lawan beja, Cilaka mapan saking, Ing badan priyangga, Dudu sakaing wong liya, Mulane den ngati-ati, Sakeh durgama, Singahana den eling. Tulisna isi pokok tembang ing dhuwur …. TOLONG BANTU JAWAB CEPAT KAK MAU DIKUMPULKAN SEKARANG

9

5.0

Jawaban terverifikasi

Iklan